Pages

Rabu, 02 November 2011

surat cinta basa sunda



Blog Entry
Jan 5, '06 2:06 AM
for everyone
From: urangsunda@yahoogroups.com on behalf of Julaeha, Siti [JULAEHAS@Mattel.com]
Sent: Wednesday, November 30, 2005 12:50 PM
To: Urangsunda (E-mail)
Subject: [Urang Sunda] Oleh-oleh HBH
Kahatur
Engkang di pangumbaraan.

Asa ku endah kamari mah, Engkang, basa abdi ngariung sareng dulur-dulur di Villa Batan Puncak. Ningali endahna kebon teh anu mayakpak satungtung panon, bet wararaas, emut kaditu kadieu. Komo ka Engkang mah, asa aya dina kongkolak panon salira teh. Asa aya nuju calik gigireun abdi anjeun teh. Tapi naha pas direret teh suwung, nu aya ngan hiliwirna angin nu mawa beja. Kolepatna kilat nu nyandak carita. Duh engkang, kunaon atuh bet kaniaya...abdi teh asa lewang jeung hariwang, teuing kunaon.
Urang teh bakal silih simbeuh kukanyaah, silih banjur kaheman. Kitu pan kasauran engkang harita, basa urang duaan patepung lawung disisi Waduk Darma, sataun kapengkeur, harita teh Engkang bade angkat mancen tugas. Urang harita kedal jangji. Bakal satia satuhu silih nitipkeun hate. Asa kamari urang nyawang endahna babarengan ngalalakon di ieu dunya, nya asa kamari pisan urang patali asih teh. Endah nya,Engkang, tapi naha asa aya nu ting celekit dina ati.
Sabaraha lami nya urang teh patebih, sataun kitu? ke...urang etang heula, Engkang angkat teh Januari...atuh nembe sawelas sasih nya urang teh patebih. Teu acan meuntas-meuntas taun acan. Tapi naha atuh kasatiaan anu ku abdi dianyam unggal dinten pikeun tamplokeun urang pami ngke patepang teh bet kasoehkeun ku beja ti Engkang. Duh...asa ku teungteuingeun ari anjeun.
Engkang, ieu kitu anu disebat jodo pati bagja cilaka mah rusiah Pangeran? salila tilu taun urang nganyam kaasih, miara katresna, bet asa kupamohalan mun rek peunggas di tengah jalan. Tapi geuning kieu kabuktianna, abdi mah didieu nganti, Engkang mah didinya sulaya.
Sasih payun Engkang teh bade mulih, kitu pan? urang sasarengan bade pesen acuk panganten, leres? bade milari gedong resepsi, milari katering, maheutekun jangji sareng juru rias, naon deui nya...oh muhun pesen ondangan oge...tapi naha hate abdi asa kunyeri-nyeuri teuing, Kang.
Ah, Engkang mah niat ngaheureuyan meureun nya, mawa beja jeung carita yen Engkang bakal nikah jeung nu sanes, alatan kacilakaan? satadina mah abdi bade bedegong weh moal percaya kana serat ti Engkang, tapi ieu hate...duh!
Tilu taun Engkang, urang sasarengan teu aya istilahna kacilakaan. Engkang mani teguh jeung pengkuh ngajaga hal anu teu kenging dilakonan ku urang. Tapi naha dina itungan sababara bulan Engkang teu kiat nahan gogoda?
Engkang, kieu meureun carita urang teh ahirna mah, ridho abdi mah nampi sagala anu tos digariskeun sanaos ieu cisoca hideung murubut titatadi maseuhan hate. Duh Engkang, kasaha atuh abdi muntang...

Blog Entry
Jan 5, '06 2:07 AM
for everyone
From: urangsunda@yahoogroups.com on behalf of syam ridwan [payoez@yahoo.com.au]
Sent: Thursday, December 01, 2005 2:05 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] Oleh-oleh HBH-Serat Waleran
Kahatur,
Rai anu pangbageurna sadunya

Enung junjunan ati, panglipur eusining kalbu,bingah pagalo sareng kareuwas nampi serat tisalira teh, bingahna lantaran tos lami dianti anti, atuh reuwasna lantaran eusina matak nyentug kana jajantung, ngajedag kana tulang iga, sumarambah kana bayah, reuwas alah batan kabentar kugelap tengah poe ereng ereng awor sareng ngagelegerna sora galunggung basa keur bitu. Asa teu gugur teu angin, majarkeun teh akang kacilakaan. Beja tisaha ? Sareng serat tisaha ? Da akang mah teu rumaos ngintun serat samodel kitu. Malihan alhamdulillah dugi ka danget ayeuna masih dipaparin jagjag waringkas teu kirang nanaon, ngan nyaeta ari biwir mah tetep we jeding tilas kapungkur ku salira digegel bakating ku geugeut. Hmm...matak kitu ge panginten aya nu hoyong tali katresna urang, peunggas ditengah dijalan. Eta mah teu langkung salira, mun salira percanten kana eusi serat eta,panginten salira ku anjeun anu nyoehkeun lambaran kasatian urang salami ieu.

Enung...ayeuna mah tong ngagulung kabingung, miara karempan, da akang mah ti baheula ge tetep satia, moal  sulaya kana jangji komo deui midua katresna, ampun paralun teuing. Deneng eta dipangumbaraan seueur nu ngeleketek hate, rea anu ngajamparing ati, tapi hate akang tetep nyangreud pageuh, ngait dina kastop hate anjeun. Najan paanggang aya dipentaseun sagara, tetep hate urang mah pan teu weleh paanjang-anjang. Najan rasa tibelat dugikeun ka janten jarawat, rasa karindu dugikeun ka ngabatu, demi kasatian,tetep ari nerejel mah ngan ukur dina impian, ukur jeung anjeun.

Enung...sasih rayagung sakedap deui nyungsi, sasih nu ku urang dianti-anti bakal nohonan jangji,sapapait samamanis dina iketan laki rabi, sasih nu ku urang diantos-antos, bakal ngaraosan anu raos raos. Urang ikrar dipayuneun panghulu, bakal satia satuhu, silih asah,silih asih, silih asuh, silih asaan. Naha leres cinta teh pinuh mamanis, naha leres cinta teh keueut alahbatan peueut? Jawabna, yu urang buktikeun dina mangsa peuting munggaran. Ehem !

Enung...perkawis raksukan,tempat resepsi,kartu ondangan,juru rias, orgen tunggal, sareng nu sanesna, teu kedah janten emutan, akang pasti tanggel waler, maksad teh tanggel waler ngadugikeun ka tuang rama, keun wang carioskeun kieu " Pan bapa teh tos masihkeun sinyai ka abdi, atuh sakanten we masihan kanggo waragadna, upami tos nikah sakantenan masihan sareng rorompokna, oge sawah ledokna, teu kakantun honda jazz-na, tong kapalang nya bela, janten mitoha pangbageurna sadunya !"

Enung junjunan ati, panglipur eusining kalbu, bade wakca tiayeuna margi dina waktosna panginten ngan ukur rangkibung ku rasa rindu, rarebo ku rasa kasono, deneng eta nu jajap bakal ngaleut ngeuhkeuy bandaleut, hapunten upami dina emprona ngan ukur ngaripuhkeun tukang susuguh. Hayu atuh sabada walimahan mah urang gura giru ka vila Batan urang cacarekan sakantenan hanimunan salami tujuh wengi tujuh dinten. Keun ulah kaganggu ku rametuk, ulah kagoda kunu ngolebat, sabab rumetuk sareng nu ngolebat ge, panginten kabitaeun ningal urang duaan sosonoan. Salajengna hayu urang nyeepkeun kapanasaran, urang ayang-ayanggung, leumpang paduduaan mapay mapay jalan Cipularang. Kumaha kersa ? Naha geuning bet ngabetem. Pajar atuh cinta teh pinuh pangorbanan, pajar atuh kaasih teh taya pisan ka pamrih.

Mung sakitu anu kaunggel, nitih wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna,urang patepung lawung di bale nyungcung dina sasih rayagung ! Mugia !

Nu nganti dipangumbaraan


Jan 5, '06 2:09 AM
for everyone
From: urangsunda@yahoogroups.com on behalf of Julaeha, Siti [JULAEHAS@Mattel.com]
Sent: Wednesday, December 07, 2005 9:38 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: RE: [Urang Sunda] Oleh-oleh HBH-Serat Waleran ---1---
Kahatur salira
Nu sok manjang kapiraray


Salam katresna ti katebihan

Hapunten pami ieu serat nembe diwaler. Da puguh abdi nembe lebet damel deui sabada harita teu damang. Ah duka ku naon atuh kamari mah asa rus ras basa ngawawaas lalampahan anu lawas, ngahelas. Asa teu percanten pami salira bakal ngantunkeun abdi. Asa teu percanten lamun rasa bogoh anu keur pogot kudu peunggas ditengah jalan. Padahal nya Engkang, hirup mah poe ieu. Isuk jeung pageto, kakara ngelemeng dina wangwangan.

Kamari abdi lumeungis asa leungiteun pamuntangan. Kamari mah abdi lir kapeteungan taya geusan pangeunteupan. Asa ku teungteuingeun anjeun…sulaya kana jangji sanaos abdi sadar yen rasa mah sakapeung hambar. Tina cinta kana cidra, sakilat mindah rupa. Tina deudeuh jadi geuleuh, henteu kenging disisieuh. Upami enya tea mah salira tos gaduh nu enggal, ah abdi mah bade sadrah we, bade nampi kana kulak canggeum bagja awak. Ngarumaoskeun diri da abdi mah puguh laip. Piraku jalmi siga Engkang kersa ka abdi nu teu aya pupurieunana.

Engkang, langit anu tadina ceudeum teh bet ngadadak bengras basa abdi nampi serat ti Engkang. Naha leres eta teh, Kang? Yen serat kamari sanes ti Engkang? Naha leres Engkang masih satia satuhu nyepeung jangji nu kantos medal antawis urang duaan. Ah asa teu percanten tapi ieu hate janten bungangang, bingah pisan. Tatu teh ngadadak lita, teu geutihan deui. Hate nu pias koneas teh ngadadak jadi kayas. 

Lamun seug abdi gaduh jangjang hoyong ngapung ngawang-ngawang, nyusul anjeun dipangumbaraan. Najan dipisah kusagara, kaamparan banua, da meureun masih salangit, hate urang tetep ngait.

Engkang, pami tea mah leres naon-naon anu diserat kamari teh, sok atuh buktoskeun. Kuabdi diantos pisan dina sasih Rayagung. Engkang teh leres-leres bade mileuleuheungkeun abdi? Sanes mung ukur saheureuyeun wungkul? Sugan ngimpen kitu ieu teh? Ah keun wae ketang ngimpen oge asal ulah waka gugah we. Sono keneh kana endahna, resep keneh nguping galindengna. Leres Engkang, lagu cinta mah kareueut teu nganggo gula ge.

Ari pikeun abdi piraku bade nampik, naon atuh hartosna kasatiaan salami ieu, naon atuh hartosna kasabaran nganti ari dina waktos ngala buahna kalah ka ngejat. Mangga Engkang, ku abdi diantos di rorompok dina sasih Rayagung. Tong hariwang peudah rarebo ukur ku kasono, ulah sieun peudah angkaribung ku rasa rindu, da pan ATM Engkang atos aya di abdi, kantun ngagesek.

Peudah eta Engkang hoyong ka Villa Batan, hayu atuh, abdi mah ngiringan kumaha salira, bade dibeureum bade di hideung teu langkung. Abdi oge moal sieun ku rametuk, moal inggis ku nu ngolebat salami masih aya engkang disagigireun abdi. Atuh ari tos ti Villa Batan mah bade sosonoan deui sabari mapay-mapay Cipularang, mangga teh teuing, asal Engkang kersa we ngagandong abdi. Maenya atuh Engkang tega ningali dampal abdi lalecet alatan aspal mah.

Jungjunan pangharepan ati, mapag wanci nu bakal kasorang, urang silih du'akeun mugia Gusti Nu Maha Kawasa maparin kakiatan ka umatna anu seja ngawangun rumah tangga sakinah. Sasih Rayagung bakal nyungsi, abdi bakal nganti salira nu tetep dipikaemut. Sok samar polah pami emut kasalira teh. Henteu siang henteu wengi, kitu lepat kieu sanes. Kalangkang anjeun teu ilang-ilang ti emutan abdi, saban menit saban detik nu aya teh ngan salira hungkul.

Diantos dina sasih Rayagung, kade ulah ngaheureuyan deui, bilih abdi enyaan pundung. Pami seug abdi pundung teras nampi duriat nu sanes, naha Engkang moal kaduhung? atanapi eta pisan anu ku Engkang di seja?

Sakitu wae nu kapihatur, bilih aya basa nu kirang merenah neda hapunten, da Engkang ge pan uninga abdi mah teu tiasa nyerat anu ngawirahma siga para bujangga. 


Nu teu weleh mikasono.

Jan 5, '06 2:11 AM
for everyone
From: urangsunda@yahoogroups.com on behalf of syam ridwan [payoez@yahoo.com.au]
Sent: Thursday, December 08, 2005 11:06 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] Serat Waleran Ka-2
Salam kasono ti pangumbaraan,

Dibujeng enggalna bae, serat salira tos katampi dinten kamari dina mangsa srangenge tos tunggang gedong, enya sanes tunggang gunung da didieu mah teu aya gunung. Tos nyampak diluhureun golodog, karasana haneut keneh panginten can lami aya didinya. Barang bray teh dibuka, hate ngaleketey, paingan atuh didago dago dugikeun ka panjang gado, diantos antos dugikeun kanyeri beuheung sosonggetan, serat teh teu aya waleran wae, sihoreng salira teh nembe kenging dodoja. Syukur atuh tos sehat deui mah, da eta anu disuhunkeun siang sinareng wengi.

Ayeuna mah teu kedah seueur emutan, aluk mah sing seueur ngadu'a, pamugi cita-cita urang sing enggal kahontal sareng sing enggal tinekanan. Teu kedah ringrang komo deui cangcaya da akang mah estu tigin kana jangji, moal udar tina tali gadang, moal luntur kaibunan, moal gedag kaanginan, sumawona belang kabulaoan, estu nyacas salawasna. Deneng eta aya cariosan anu matak helok dina seratan anu atos atos, eta mah mung ukur ngadoja, naha salira bakal ngolembar kuayanana cariosan eta. Tapi nyatana, geuning matak pikabingaheun, matak pikareueuseun, henteu melengkung bekas nyalahan, milih salira.

Hatur nuhun, geuning salira teh teu kabengbat ku harta, sanaos ATM akang tos lami dikeukeuweuk salira, da akang ge saratus persen percaya, ketresna tanpa harta moal bisa walakaya. Punten ieu mah sanes ngungkit ngungkit anu tos kalangkung, mangga we etang salami urang hahadean kirang langkung tujuh taun, pan mahugi pulsa elektronik ge pami dipeserkeun ka sawah mah panginten tos aya sahektareun. Atuh mangga we etang, tos sabaraha amplop kanggo nyogok si abah, supados waktos apel diperpanjang dugikeun ka janari. Punten sanes perhetangan, da dugi ngabelaan ngumbara ka lembur batur ge da kanggo saha deui, kanggo salira ku anjen. Tong boroning eta, sanaos banda akang anu ngan hiji hijina ge, upami tos lugina mah kanggo saha deui, bade dicoo salamina ge mangga teh teuing rido we nu aya.

Moal panjang lebar, komo panjang ageung mah da nu panjang ageung mah tos muklis milik salira. Sakitu nu kapihatur,ditutup kupidu'a mugia salamina urang aya dina kawilujengan. Amin !


DI AMBIL DARI  DIARY TITI

Tidak ada komentar:

Posting Komentar